Ikatan Operator Galau Cisompet

Sabtu, 30 November 2013

Bodor Sunda

Kabogoh saha* Ucil : "Ned, timana euy?" Juned : "geus apel ngan teu jadi" Ucil : "eh geuning sarua jeung uing, rek apel teu jadi" Juned : "naha maneh teu jadi?" Ucil : "karek oge uing diuk jeung manehna, eh aya jelema muka jandela ti luar. Uing kabur we da bisi salakina euy..ari maneh naha teu jadi Ned ?" Juned : "puguh urang oge karek rek asup tina jendela, nempo aya lalaki keur diuk dina sofa jeung manehna, urang kabur da bisi salakina" Ucil : "ari maneh apel ka saha kitu?" Juned : "Nini Uti" Ucil : "geuning sarua" (tungtungna mah duanana ting haruleng)

*Bioskop*
Hiji poe jam 8 isuk, Kriiiiing.... aya telepon di meja loket bioskop Chandra Subang

Otong : "Hallow kang, uing rek nanya bioskop buka jam sabaraha?"
Penjaga : "engke jam 1 jang"
Otong : "buka na jam 9 we nya,,kang !"
Penjaga : "teu bisa atuh jang, geus biasa jam 1 buka na"
***
Jam 11 telepon disada deui..
Otong : "Hallow,,jam sabaraha buka na bioskop teh?"
Penjaga : "maneh nu tadi nelepon nya?? pan geus di bejaan ,, buka na jam 1 plokk"
Otong : "Jam 12 we atuh kang nyaaa.."
Penjaga : "teu bisa, emangna bioskop nini maneh ??"
Otong : "nawar saetik we atuh kang,,sing karunya,,baelah satengah 1 we nya..?"
Penjaga : "sabenerna maneh teh hayang lalajo film naon atuh plokk,,mani kacida pisan,,hayoh we neleponan.(keuheuleun pisan)
Otong : "hiks,,hiks,,(ceurik) uing ka konci dijero bioskop kang,,peuting pas lalajo film kasarean,,tulungan atuh kang,,pang mukakeun pantona,,uing hayang balik..Emaaaaaaa (ceurikna beuki tarik)"


Tidak ada komentar:

Posting Komentar